Kumpulan Lirik Lagu Asmarandana – Pupuh Sunda Terbaru Format Word , PDF , Excel. Lirik Update menyediakan lirik lagu-lagu Indonesia dan lagu internasional berbagai jenis musik seperti POP, Band, Dangdut, Qasidah, Nasyid, Shalawat, Sunda, Lagu Mancanegra dan lagu lainnya.
Pupuh Sunda Asmarandana
Laras : Salendro
Watek : silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada : = 7 padalisan.
Guru wilangan jeung guru laguna nyaéta 8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a [7 padalisan]
Lirik Pupuh Asmarandana Eling Eling Mangka Eling
Éling-éling mangka éling [ 8i ]
Rumingkang di bumi alam [ 8a ]
Darma wawayangan baé [ 8o/e ]
Raga taya pangawasa [ 8i/a ]
Lamun kasasar lampah [ 7i/a ]
Nafsu nu matak kaduhung [ 8u ]
Badan anu katempuhan [ 8a ]
Panambih:
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan
Pupuh Sunda Asmarandana Aya Nu Lumpuh Musapir
Surupan : 1 =1 Tugu
Bebas Wirahmah
Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak kanu lolong
Anu keur baling siar
Nenangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Anu kadupak katindihan
Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarekan
Nu ngadupak bati bengong
Sasadu menta hampura
Lantaran heunteu awas
Ahirna pada sasadu
Pedah pada henteu terang
Akhirna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki lumpuh terus di akod
Ku ki lolong anu bedas
Tatapi heunteu awas
Ku pitulungna ki lumpuh
Bisa ngider ka mamana
Tandak Panambih : Pupuh Asmarandana
Gerakan : Sedeng
Nu lolong teu bisa ningal
Nu lumpuh teu bisa leumpang
Mun pareng pada barengal
Antukna pabedang-bedang
Nu lumpuh reujeung nu lolong
Mun daek garotong royong
Nu lumpuh sadrah di gandong
Nu lolong moal ti tajong
Pupuh Sunda Asmarandana Éling-éling Murangkalih
kudu apik jeung berséka,
ulah odoh ka pangangggo,
mun kotor geuwat seuseuhan,
soéh geuwat kaputan,
ka nu buruk masing butuh,
ka nu anyar masing lebar.
Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katénjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur téh geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang
Note :